Rabu, 12 Desember 2012
Leungitna Basa jeung Sastra Sunda nu jadi Karifan Budaya Lokal Urang Jawa Barat
Diposting oleh Kania Tresna di Rabu, Desember 12, 2012
Basa sunda anu sok
disebut aksara sunda yaeta basa nu ti cabang malayu-polinesia nu ka asup kana
rumpun basa austronesia. Basa anu di tuturkeun ku sakitar 27 juta jalma jeung
kaasup basa anu seueur di angge’ kadua di Indonesia saatos basa jawa. Basa
sunda dituturkeun ku sabagian ageung wari di provinsi Jawa Barat kajaba daerah
pantura anu mangrupakeun daerah tujuan urbanisasi nu mana basa nu di angge’ na
seueur sanes basa sunda tapi basa jawa.
Sunda nyaeta asalna
tina kecap su = sae , sagala pertawis nu ngandung unsur kasaean, urang sunda
ngayakinan ngagaduhan watek kasundaan nu dijadikeun jalan anu nyandak kana kautamian
hirup. Watek nu dimaksad nyaeta watek cageur, bageur, bener, singer, jeung
pinter nu tos dijalankeun ti zaman Salaka Nagara dugi ka Pakuan Pajajaran nu
tos nyandak kana kamakmuran leuwih ti
1000 tahun lamina.
Basa sareung satra
na teh mangrupakeun kabeungharan budaya lokal kanggo urang jawa barat umumna
khusus na kanngo nu ngarasa urang sunda asli nu matak basa sunda teh janteun
basa ibu na. Basa sareung sastra sunda teh kaasup kana aset kaarifan budaya
lokal urang jawa barat. Kaarifan lokal teh nyaeta kakuasaan sareung kakuatan nu
nyata nu digaduhan ku salah sahiji daerah nu dijadikeun aset daerah nu
ngadorong pengembangan sareung pambangunan
daerah. Nu salanjutna dina usaha ngabangun daerah dibutuhkeun pemberdayaan
budaya lokal atawa karaifan lokal nu didukung ku panyusunan strategi budaya
atawa rumusan rancangan kagiatan budaya di daerah nu dijadikeun landeusan dina
bidang budaya.
Contohna basa
sareung sastra sunda sok dijadikeun tempat panalungtikan jalma luar nagri atawa
urang Indonesia nu lain urang jawa barat. Basa sareung Sastra Sunda ngagaduhan
kabeungharan basa nu rea ayana, tina basa nu lemes sareung kasarna, tina basa
kanggo unggal jalmi dugi kangge sato na. Marhatikeun tina pandapet Reiza D.
Dienaputra, M.Hum saurna tina konteks sajarah, Basa sareung Sastra Sunda
mangrupakeun basa anu ngalaman parkeumbangan. Basa sareung Satra Sunda
dipangaruhan ku kabudayaan Hindu-Budha ku basa jeung aksara Sanksekerta. Basa
jung Sastra Sunda salajeungna ngalaman parkeumbangan kusabab pangaruh
kabudayaan Islam jeung basa Arab.
Salajeungna
giliran kabudayaan Erofa nu mangaruhan basa Sunda. Samentara kabudayaan Jawa
dinilai mere pangaruh pisan kana basa sunda tina konteks unggah-ungguh basa. Pameukaran
budaya sareung basa oge teu leupas tina peran anggota masyarakat nu ngagunakeun
sareung mika cinta kana budaya sareung basa eta. Kajadian nu ngagunakeun
sareung mika cinta sunda ieu nu akhirna ngalahirkeun konsep nu nungeunaan kana
kasunddan eta. Ngan poe kiwari teh loba pisan nu sieun jeung era ngagunakeun
basa komo sastra sunda na mah tin parcakapan sapopoe sakalipun eta urang
katurunan sunda. Nu leuwih ngakhawatrikeun nu di kampung-kampung ge beuki loba
ibu-ibu nu ngajarkeun anak-anak na basa Indonesia, padahal keturunan sunda nu
hirup di tatar sunda.
Satiap bangsa
ngagaduhan kabanggaan, kayakinan, sareung budaya anu beda-beda. Ngan teu heran
lamun aya bangsa anu nanamkeun kabanggaan budaya bangsa deungeun nu lain. Anu
alesan nana yaeta budaya sareung kabanggan teh ngagaduhan kaleuwihan. Seueur
wargi sunda ayeuna nu teu gaduh kabanggan kana basa sunda nyalira. Contohna ka
buktian tina seueur urang sunda asli na ge teu arapaleun basa sunda nu saleuresna
jiga kumaha. Mun kitu sababna kaayaan ieu ngakhawatirkeun kana leungitna budaya
sareung basa sunda anu tos turun temurun ti baheula sangkan leungit ka bawa
zaman anu pamuda sareung pamudi na nu urang sunda asli alim ngagali sareung
ngamraktekkeun dina sapopoe hirupna nganggo basa sunda tapi milih basa urang
deungeun anu katelah saurna mah sae mun katinggal kubatur mah.
Ku matak kitu hayu
urang sunda nu ngaraos ngadeug di bumi tatar sunda urang ngembangkeun deui basa
ibu anu seuer pisan kabeungharan kecap di jeurona. Salian ti eta basa sunda teh
mangrupakeun simbol tina kabeungaharan urang sunda jeung jadi kaarifan budaya
lokal kanggo urang sunda nyalira. Tina kitu miharep sugan dina kahareupna basa
sunda bisa balik deui kana kajayaan basa zaman bareto, keun ayeun zaman kiwari
jiga kieu matak tugas arurang ayeuna urang ngangge basa sunda janteun jadi basa
kabangaan urang sunda nu asli.
Label: Becha Pendidikan
0 Comments:
Subscribe to:
Posting Komentar (Atom)





