Rabu, 12 Desember 2012
HIJI DUNYA
Etti R.S.
Kuring hayang
cicing di hiji dunya
dina kasatiaan laut
jeung katiginan langit,
nu surti nampa
cinyusu jeung kolomberan,
nu ayem kasaput
mega jeung reueuk
antara ombak rohaka
jeung hiliwir angin
saestuna aya geter
angen-angen
ari mega hideung
jeung gumilang bentang
tepung dina
ringkang jeung kahayang
Kuring hayang
cicing di hiji dunya
dina kaihlasan tur
kaasih bumi;
nu nebarkeun
sugrining binih tutuwuhan,
nu sadrah nadah
sarwaning tapak
antara kuring jeung
tutuwuhan
saestuna ukur
nganti kaasih Pangeran
antara kuring jeung
pirang-pirang tapak
tepung 'na
pirang-pirang talajak
Kuring hayang
cicing di hiji dunya
nu ngagumulungkeun
bentang, ombak, jeung tapak
kuring hayang
cicing di hiji dunya
samemeh nohonan
panggupay Anjeunna
Bandung Kaler,
Oktober 1999
Unsur-unsur Sajak
1.
Tema
Soal Pati, katinggal dina eusi na nu
ngabogaan kahayang hirup nu leuwih alus dunya jeung akheratna.
2.
Suasana
Lantaran ku temana “ Soal pati” kumatak kitu
suasanana na ge kudu ngaharib-harib jeung pikaseudiheun
ngahareup jeung
masrahan hate ka gusti Alloh
3.
Imaji
Katiteun tina loba na kahayang, jadi imaji
nu dipake nyaeta panenjo ku eta
panyajak teh
4.
Simbul/Lambang
Geter angen-angen nu dianggap simbul atawa lambang perasaan keur loba panghareupan
5.
Musikalitas/Wirahma
Ieu unsur baris
karasa upama eta sajak teh dibaca teu bari digalindeungkeun tapi alusna dibaca
make rarasaan.
6.
Gaya Basa
: Katiten
tina dipakena ungkara “Kuring hayang cicing di hiji dunya” . Kecap “ Hayang”
geus ngawakilan hiji kaayaan anu loba kahayang tina panyajak teh, hayang hirup
anu leuwih alus di dunya anu netelakeun kana kahirupan akherat anu leuwis alus.
Kitu deui ungkara “Samemeh nohonan panggupay Anjeunna”. Kecap “Samemeh” nu
dipake pikeun ngagambarkeun kahayang hirup nu leuwih masrahkeun hate ka nu
kaagungan gusti Alloh, unsur anu pangpeuntingna tina hirup.
Label: Becha Pendidikan
0 Comments:
Subscribe to:
Posting Komentar (Atom)





